Rabu, 08 Juni 2011

Patung Jeung Hayam

: abah sarjang
Patung Jeung Hayam
Saduran Bebas Tina Carpon “Patung jeung Hayam”-na Darpan

Prolog :

Saderek sadayana nu sami hempak merbayaksa. Jagat rame alam dunya salawasna ngalahirkeun pahlawan. Sanajan dina mangsa hirupna eta pahlawan tingkah paripolahna teu salilana alus, kawas nu didongengkeun ku kolot-kolot urang. Tapi sahenteuna maranehanana geus neundeun hiji gambaran picontoeun. Geus mere rawayan pikeun ngarobah kaayaan nu bakal tumiba ka generasi saentasna.

Hanjakalna loba keneh jalma nu ngamangfaatkeun kasohoran pahlawan pikeun dirina sorangan. Teu saeutik manusa nu nyokot kasempetan guna narik kauntungan tina ngaran pahlawan. Kumaha jadina mun hal sarupa kitu karandapan ku urang? Naon nu bakal dilakukeun mun pareng nyanghareupan jalma-jalma samodel kitu?
Sakumaha gorengna talajak, sakumaha rajetna kalakuan, tinangtu aya keneh hikmah nu bisa dipake pieunteungeun. Pasti aya lolongkrang pikeun nyelapkeun kahadean. Sabab mungguhing kangaranan hirup teu leupas ti salah bener.

Kuayana kitu saderek sadaya, sagoreng-gorengna hirup tetep hiji kahirupan, sanyeri-nyerina pangalaman tetep jadi bahan pulunganeun. Jalma bijak lain ukur taat pajak, tapi nu bisa neuleman pangalaman pikeun nangtukeun lengkah pikahareupeun.
Tong molotot bari lolong, tong peureum bari malaweung, sidakepkeun raga seja nyakseni waruga nu ngebrehkeun kaca geusan pieunteungeun lumampah.
Prung nu manggung mugia nangtung, nu ngaregep mugia asak. Dingawitan ku nancebkeun kakayon na gua garba, kula saparakanca seja medar hiji carita..... Patung Jeung Hayam!

…………………………………..


LAMPU BEUREUM SEMU SUREM, KADES AJO DINA TANGTUNG SARWA HIDEUNG NGABEDEGA NEUTEUP PATUNG NU NGAJUNGKIRING DI TENGAH PANGGUNG. LALAUANAN LEUMPANG, MERESIHAN SESA SEMEN NU MASIH KENEH NEMPEL DINA HANDAPEUN SUKU PATUNG.

KADES AJO :
“Tilu juta, tilu juta leuwih duit aing ludes! Tilu juta leuwih, duit sorangan, asli nang ngodok tina saku sorangan, duit asli! Ludes!”

KADES AJO LAJAG-LEJEG NGURILINGAN PATUNG. PANON BURAHAY BEUREUM

KADES AJO :
“Majar cenah... saratus duapuluh juta, saratus duapuluh juta keur anggaran nyieun patung teh. Keur honor jeung dahar tukang patung, keur kontraktor, keur pangawas, keur jelema nu dararatang. Saratus duapuluh juta! Keur meuli semen, batu, bata, awi, usuk, beusi beton, kawat, bir, embe, hayam, randa, tai anjing! Saratus duapuluh juta!”
KADES AJO EUREUN KUKURILINGAN, MENCRONG PATUNG, NULAK CANGKENG, PANON BURAHAY BEUREUM, HUNTU KEKEROT.

KADES AJO :
“Tilu Juta, tilu juta leuwih sia ngarampog aing! Tilu juta leuwih duit aing ludes! Batok hulu aing ampir beulah nguruskeun sia! Nguruskeun nyieun sia! Sia nu ngajadikeun aing loba hutang, sia nu ngajadikeun aing jadi tukang rampog! Tilu Juta! Eta nu ngarana duit doang! Sia ge ngalebok nu sejena! Sia ngalebok bandana si Adeng, Si Soma, oge bandana Ma Eom. Ti mimiti kalapa, minyak tanah, cau, gedang, jagong beak ku sia! Beak euweuh nu disesakeun, dihakan kabeh ku sia, polo aing ge dilebok! Beuki sia polo aing hah? Beuki?”
KADES AJO NARIK NAFAS SEUNGGAH

KADES AJO :
“Aing ge nyaho, ieu desa teh pinuh ku lalakon-lalakon sajarah. Aya Ki Sobandi nu ngaberontak ka Belanda, aya Bah Darsan nu meuleum tangsi, aya perjuangan gagah Mayor Inta ngalawan NICA, aing ngadenge kumaha ripuhna Kopral Utas nu disesered jeung disiksa ku Gorombolan. Sarerea ge nyahoeun! Sarerea ge nyahoeun yen desa ieu teh pinuh ku rupa-rupa kajadian sajarah. Acan remeh-remehna, aya Ma Unah nu kapaksa jadi Jugun Ian Fu, salakina dipaksa titah ngilu romusha, nepi ka ayeuna teu kanyahoan nasibna. Aing ge nyaho, alusna mah di desa ieu teh aya monumen keur ngingetkeun kana perjuangan maranehanana. Aing ge nyaho yen para korban jeung pahlawan teh kudu dihargaan. Aing ge nyaho, nyaho, nyaho!!”
KADES AJO LAJAG-LEJEG NGURILINGAN PATUNG
KADES AJO :
“Teu kudu di bere nyaho ku Camat, teu kudu dibere nyaho ku Bupati, aing ge nyaho. Apan di tungtung lembur deukeut gorong-gorong, gigireun SD INPRES ngajungkiring bukti! Aya prasasti deukeut makam Ki Sobandi, make tulisan Lali Rabi Tegang Pati, Bebela Lemah Cai. Teu perlu tangkurak Camat atawa Bupati ngocoblak. Aing ge nyaho! Aing teh Kades, aing nyaho naon nu dibutuhkeun ku desa aing! Aing leuwih nyaho naon nu leuwih diperlukeun ku masarakat aing! Lain jungkiringan semen model sia!
KADES AJO NUNJUK KA PATUNG


SANGGEUS NGARENGHAP RADA JERO KADES AJO NGOMONG DEUI

KADES AJO :
“Emas, emas, kasempetan emas, kasempetan emas tujuh mulud! Kasempetan emas naona hah? Aing nombokan tilu juta! Nu kitu nu sebut kasempetan emas? Tilu juta leuwih ngalayang?
Laah barina ge teu kudu Bupati ngomong, APBD nyesakeun anggaran keur ngabangun patung, tenderna nomer sa Anu, Kepala proyekna adi beuteung sayah merangkap pelaksana ti CV Anu, bekerja sama jeung pamatung ti Institut Anu, tai anjing babadagna! Nu nombokan mah angger weh aing-aing keneh! Nu cape na mah angger weh masarakat aing keneh!”

KADES AJO NGARENGHAP PANJANG

KADES AJO :
“Ari aing sih satuju-satuju wae rek nyieun nanaon oge, asal biayana jeung nu ngagaweanana aya. Masarakat aing ge piraku ngajaredog wae. Tapi geuning buktina.... dana saratus duapuluh juta teu mahi! Ludes! Malah tungtungna mah aing kudu nombokan, masarakat aing milu narombokan! Jangji rek digantian, digantian-digantian ku podol? Mana buktina? Tilu juta! Encan beas, kalapa, minyak tanah, hutang-hutang ka warung, hutang ka warga, mana manaaa!!”

MA EOM NONGHOL TINA SABEULAH PANGGUNG NU RADA POEK. LALAUNAN LEUMPANG NGADEUKEUTAN, RET KA PATUNG, RET KA KADES AJO, TULUY LEUMPANG DEUI NYAMPEURKEUN KADES AJO. SANGGEUS NGAHULENG SAJONGJONGAN, RADA ASA-ASA MA EOM NYARITA.

MA EOM :
“Kalapa Ema Jo, kalapa Ema, Ema geus teu boga duit keur isukan, teu boga saperak-perak acan, tulungan atuh Jo, kalapa nu bareto rek dijual pan ku Ajo dicokot, ceuk Ajo cenah rek digantian, kabehanana rek digantian. Kalapa Ema Jo, tulungan Ema, teu boga duit keur meuli beas isukan, kumaha atuh Ema balanja isukan?

KADES AJO JONGJON NEUTEUP PATUNG, TEU MIROSEA OMONGAN MA EOM

MA EOM :
“Yeuh Ajo, mun Ema boga keneh jualeun mah, mun boga keneh barang nu bisa dijual mah,  Ema teh moal nanagih wae. Tapi da kumaha atuh Jo, Ema teh geus bingung. Duit kalapa weh, keuneh hutang beas, jagong jeung nu sejena mah engke, iraha weh Ajo boga duitna, ayeuna mah duit kalapa doang weh Jo. Jo, Ajo?”

KADES AJO TETEP NGABETEM TEU NGALIRIK-LIRIK ACAN

MA EOM :
“Era mah era Ema teh Jo, nanagih wae ka Ajo teh, tapi kumaha atuh? Ajo ge nyaho Ema geus teu boga nanaon, jeung deui kudu ka saha Ema menta tulung lamun lain ka Ajo? Pan Ajo teh lurah, meureun Ajo mah boga duit sapuluh duapuluh mah, duit kalapa weh heula Jo, asal mahi daah Ema jeung Si Tasem dua poeeun weh. Nyaho sorangan pan Si Tasem, awak geus sagede kitu teh can kaarah gawena. Gadagna ngan ngahariring jeung ngageulis doang. Mun lipen jeung pupurna beak kakarek ngadat. Duit kalapa weh heula Jo, sabarahaeun nya? Aya lima belas rebueun Jo?”
    
MA EOM NGARENGHAP HEULA

MA EOM :
“Bener Jo, era mah era nanagih wae ka Ajo teh, tapi kumaha deui atuh? Duit kalapa weh heula Jo, kajeun satengahna heula atuh ari euweuh mah. Jo, Ajo? Kunaon Ajo cicing wae?”

MA EOM NGADEUKEUTAN, MENCRONG KA KADES AJO NU JONGJONG NEUTEUP PATUNG, SABABARAHA KALI PANON MA EOM BULAK-BALIK ANTARA KADES AJO JEUNG PATUNG

MA EOM :
“Ieu Ema di dieu Ajo, ieu Ema ngajakan ngomong ka Ajo, lain patung nu ngajakan ngomong mah, Ema Jo, Ema. Kadenge teu omongan Ema?”

SIMPE

MA EOM :
“Ema geus teu boga duit saperak-perak acan, gula kopi beak, pupur jeung lipen Si Tasem beak, pandaringan tinggal gentongna doang, isukan Ema ngadaah naon, piraku kudu puasa? Kumaha atuh Jo?”

SIMPE

MA EOM :
“Ajo maneh teh henteu budeg lain? Dengekeun Ajo! Ema datang ka dieu rek nagih duit kalapa keur daah isukan, di imah geus teu boga nanaon, teu boga beas sasiki-siki aca....”

“Hayam!”
KADES AJO NEMPAS BARI KEUKEUH MENCRONG PATUNG
“Ema pan masih keneh boga hayam hiji deui.”



MA EOM :
“Hayam..? Naon Hayam!! Ema kudu ngajual Si Borontok? Teu eling sugan sia mah Ajo! Piraku Ema kudu ngajual banda sakikituna? Dengekeun Ajo, Si Borontok teh keur ngendog – keur ngendog, kabina-bina teuing, daripada Ema kudu ngajual Si Borontok, banda Ema sakikituna, kajeun teuing kalaparan! Moal, moal pokona mah moal! Kabeh-kabeh harta banda aing meunang diludeskeun, tapi Si Borontok mah ke heula! Cik atuh Ajo sing mikir, yeuh Si Borontok teh keur ngendog, sakeudeung deui oge ngerem, rek anakan, rek nyambung hirup Ema jeung Si Tasem. Tujuh Ajo! Tujuh hayam Ema nu dicokot ku maneh teh! Anak Si Borontok nu meujeuhna pamanggang genep, Si Jalu jago Ema hiji-hijina dicokot! Hiji oge can aya nu dibayar Ajo!”

KADES AJO :
“Uing mah teu ngakan hiji-hiji acan.”

MA EOM :
“Sabodo teuing! Nu jelas mah Ema teu sudi kudu ngajual Si Borontok! Kajeun teuing kalaparan! Ema mah datang ka dieu soteh rek nagih duit kalapa. Kadieukeun Bayar! Kajeun teuing duit kalapa heula!”

KADES AJO :
“Emaaa....!!  lain banda Ema doang nu ludes teh! Kabeh oge sarua, hartana, bandana, tanagana, sarerea ge sarua! Tilu juta leuwih duit uing kapake, beas Si Adeng, minyak Si Soma, jagong Mang Kusen, semen Kang Udin, kabeh ge ludes! Lain Ema doang nu karurugian teh, kabeh Ma, kabeh! Batur ge sarua! Tong beuteung sorangan wae nu dipikiran teh! Nu sejen ge bandana ludes!

MA EOM NGINGHAK

SORA KADES AJO RADA LEULEUY
“Mun uing boga mah geus digantian, sirah uing geus asa peupeus Ma, uing ge geus teu boga duit keur isukan. Kadieu heula sakeudeung Emana, kadieu.”
KADES AJO NUNGTUN MA EOM NGADEUKEUTAN PATUNG
“Ieu teh patung pahlawan, pahlawan nu gede jasana ka daerah urang, pangorbananana moal bisa kagantian ku beas, hayam, jagong atawa minyak tanah nu ku urang disumbangkeun. Teu sabanding Ma, teu satai kuku-kukuna acan. Tah kitu Ma.”

MA EOM ANGGER NGINGHAK

KADES AJO :
“Urang sarerea kudu hormat jeung ajrih ka pahlawan, kajeun teuing banda urang ludes, kajeun teuing harta urang beak, urang tetep kudu hormat. Sugan weh atuh pahlawan teh mere berkah, saha nu nyaho pahlawan bakal mulangkeun deui harta urang nu beak jadi manglipet-lipet. Sugan weh naon-naon nu ku urang dikorbankeun keur ngabangun ieu patung, aya mangpaatna. Geus ayeuna mah Ema ulah nanagih wae duit kalapa, ridokeun weh, milikmah loba di hareup. Ayeuna mah anggur geura balik. Bisi isukan hayang ngopi mah ngahutang heula weh ka warung Bi Idoh.”
KADES AJO NGUSAPAN TONGGONG MA EOM

MA EOM LALAUNAN LEUMPANG NINGGALKEUN PANGGUNG, SAMEMEH KALUAR KADENGE KENEH GEGERENDENG

MA EOM :
“Salaki Ema nu mimiti paeh dibayonet Nipon, anak Ema nu cikal dibacok gorombolan, salaki nu kadua bapana Si Tasem dipeuncit PKI. Ayeuna hayam jeung kalapa Ema ludes ku pahlwan, ludees ku pahlawan..”

MUSIK RADA TARIK

KADES AJO SATENGAH NGALAMUN LEUMPANG LALAUNAN NGURILINGAN PATUNG

ULIS JEUNG HANSIP ASUP PATUTUR-TUTUR

ULIS :
“Tamu-tamu ti Kabupaten geus tepi Kang, hayang papanggih jeung Akang cenah.”

KADES AJO :
“Atur heula weh ku maneh, kumaha alusna.”

ULIS :
“Maksudna atur kumaha Kang?”

KADES AJO RADA NYENTAK :
“Atur di mana molorna, daharna, modolna, bantuan mikir atuh! Ulah aing weh nu terus-terus mikir!”

ULIS :
“Eu, ieu Kang hiji deui..”

KADES AJO :
“Naon?”

ULIS :
“Cenah mah rombongan Pa Bupati rek kadieu jam salapanan, kadieuna jeung rombongan ti Provinsi. Kuduna patung teh dikurudungan heula ku lawon, terus Akang kudu ngalaporkeun saha wae jelemana nu rek ngilu tanya jawab waktu dialog. Diutamakeun nu jaman harita harirup keneh, jeung pertanyaanana kudu dilaporkeun ayeuna, bisi aya pertanyaan nu nyaliwang. Jeung deui....”
KADES AJO :
“Jeung deui-jeung deui! Ulis dengekeun ku maneh nya. Ti mimiti fondasi patung nepi ka ayeuna nangtung, aing geus kurang dahar kurang hees. Piraku urusan nu kitu-kitu wae, kudu aing keneh nu ngagawean? Neangan lawon nu panjang, mun euweuh, nginjeuman samping kebat ka unggal imah, bikeun ka Si Soma titah dikaput dihiji-hijikeun. Keur wawancara tulis jelema nu geus kolot. Pertanyaanana kumaneh jieun sorangan!”

ULIS :
“Mangga atuh  Kang.”
HANSIP :
“Pa Kades.”

KADES AJO :
“Naon deui?”

HANSIP :
“Kuring dititah Pa Sekdes, cenah tamu ti Kabupaten menta hayam.”


KADES AJO :
“Tewak hayam Ma Eom, tong bebeja ka nu bogana, mun kurang keneh teangan di kandang sejen, kade kanyahoan, mun kurang keneh wae, pikiran sorangan!”

ULIS JEUNG HANSIP :
“Pamit Kang, Mangga Pa.”
ULIS JEUNG HANSIP TING LALEOS

KADES AJO :
“Jig.”

KADES AJO LEULEUMPANGAN SABUDEUREUN PATUNG.

KADES AJO :
“Geus ludes banda masarakat aing, masih keneh weh hayang hayam. Cik atuh pajabat teh deudeuleu! Teu nempo pare puso beak ku sundep, ragasi saraat. Panen loba nu gagal. Hayang dahar-dahar wae meni kudu jeung daging hayam. Jeung naon weh atuh padahal mah, aing ge pribumi dahar jeung hulu peda!”

MUSIK

TEU SABARAHA LILA BAWAHAN AJUDAN BAWAHAN BUPATI NOROJOL NYAMPEURKEUN.

AJUDAN BAWAHAN BUPATI :
“Waduh Pa Kades, sayah kukurilingan neangan, geuning  aya di dieu.”
KADES AJO :
“Titatadi ge kuring mah di dieu.”

AJUDAN BAWAHAN BUPATI :
“Yeuh Pa Kades kumaha sih boga Sekdes teh?”

KADES AJO :
“Emang na kunaon Si Sekdes?”


AJUDAN BAWAHAN BUPATI :
“Sayah tadi teh menta hayam, kunaon dibere hayam enyaan! Atuh puguh  weh dunungan sayah ngambek. Kumaha sih Sekdes teh teu mikir geuningan? Bejaan geura ku Kades, hayam.... lain hayam! Hayam kampung! Hayam...lain hayam. Kades ngarti meureun. Hayam kampung! Eta hayam anu dadana montok.”
KADES AJO :
“Oh hayam, maksudna teh hayam anu lain hayam?”

AJUDAN BAWAHAN BUPATI :
“Enya hayam.”

KADES AJO :
“Sekdes, Sekdes! ...... Sekdeeees!!”

SEKDES NOROJOL BARI RAMPANG-REUMPEUNG

SEKDES:
“Kuring Kang, Kuring datang Kang.”

KADES AJO  :
“Kadieu!”

SEKDES :
“Aya naon Kang?”

KADES AJO :
“Yeuh dengekeun, Bapa Utusan Bupati menta hayam. Lain hayam, tapi hayam! Ngarti maneh?”

SEKDES :
“Enya Kang, hayam.”

KADES AJO :
“Hayam Kampung!”

SEKDES :
“Enya Kang, Hayam Kampung.”
KADES AJO :
“Hayam anu dadana montok!”

SEKDES :
“Enya Kang, hayam anu dadana montok.... kela hayam nu dadana montok?”

KADES AJO :
“Ngarti maneh Sekdes?”

SEKDES :
“Ngarti Kang, oh jadi maksudna teh hayam, hayam?”
KADES AJO :
“Heueuh hayam, lain hayam! Buru-buru neangan!”

SEKDES :
“Mangga Kang, siap Kang, hayam Kang!”

SEKDES KALUAR TI PANGGUNG.
TEU SABARAHA LILA HANSIP DATANG BARI NGENGELEK HAYAM, TOPI JEUNG BAJUNA PINUH KU JARAMI.

HANSIP :
“Pa Kades, aya Pa Sekdes ka dieu? Batre kuring tinggaleun di kandang hayam Ma Eom. Kumaha nya?”

KADES AJO :
“Sekdes keur neangan hayam.”

HANSIP :
“Neangan hayam? Pan kuring geus mawa ieu.”
HANSIP NGACUNGKEUN HAYAM

KADES AJO :
“Lain hayam kos kitu!”

HANSIP :
“Hayam kos kumaha atuh? Da geus euweuh deui nu bogaeun hayam. Geus beak dijarualan!”

KADES AJO :
“Hayam nu lain hayam.”

HANSIP :
“Hayam nu lain hayam? Terus hayam ieu kumahakeun?



AJUDAN BAWAHAN BUPATI :
“Hayam eta mah peuncit weh. Engke pan tas dahar hayam teh atasan sayah jadi cape jeung lapar, tah hayam ieu perlu disuguhkeun.”

HANSIP :
Kumaha ieu teh Pa? Tos ngadahar hayam ngadahar hayam deui?”

AJUDAN BAWAHAN BUPATI METOT LEUNGEUN HANSIP NU MASIH OLOHOK TEU NGARTI :
“Ah engges! Hayu urang peuncit hayamna!”
AJUDAN BAWAHAN BUPATI JEUNG HANSIP INDIT NINGGALKEUN PANGGUNG.

KADES AJO LEUMPANG NGURILINGAN PATUNG, ULIS NURUTAN KUKURILINGAN.

ULIS :
“Kang.”

KADES AJO :
“Hmh...”

ULIS :
“Kang...”

KADES AJO :
“Naon?”

ULIS :
“Itu Sekdes geus balik deui.”

SAKDES ASUP KA PANGGUNG

SAKDES :
“Kang... Si Tasem.”

KADES AJO :
“Kunaon Si Tasem.”

SEKDES :
“Hayam...”

ULIS :
“Maksudna, Si Tasem... hayam?”

KADES AJO :
“Si Tasem? Si Tasem anakna Ma Eom?”

ULIS :
“Di Desa urang mah euweuh deui Si Tasem Kang, ngan eta hiji-hijina.”


KADES AJO :
“Kitu daekeun Sekdes?”

SEKDES :
“Lain daekeun deui, katempona mah okos nu atoh pisan,  Kang.”
KADES AJO :
“Ma Eomna nyahoen?”

SEKDES :
“Ma Eom? Jadi Ma Eomna kudu dibejaan Kang?”

KADES AJO :
“Aing nanya Ma Eomna nyahoeun henteu, Si Tasemna jadi hayam?”

SEKDES :
“Ma Eom teu nyahoen Kang. Kuring papanggih jeung Si Tasem di imahna si Nesti keur ngadarengekeun sandewara radio ”

CARICING

SEKDES :
“Kumaha Kang?”

KADES AJO :
“Geuslah tong kagok, bikeun Sekdes! Daripada neangan deui hararese.”

SEKDES INDIT NINGGALKEUN PANGGUNG
“Pamit Kang.”

ULIS PIMILUEUN INDIT NINGGALKEUN PANGGUNG

KADES AJO :
“Ulis arek ka mana maneh?”

ULIS :
“Itu Kang, rek mantuan Hansip ngomean hayam nu hiji deui. Aya tugas keneh kitu Kang?”

KADES AJO :
“Euweuh.”

ULIS :
“Pamit Kang”

KADES AJO TEU MERHATIKEUN ULIS NU INDIT, MANEHANANA BALIK DEUI LEUMPANG NGURILINGAN PATUNG

KADES AJO :
“Puas? Puas maneh pahlawan? Tilu juta leuwih tetela can mahi siah? Ayeuna lain wae minyak tanah, gula kopi, kalapa, beas jeung nu sejena. Nepi ka hayam nu lain hayam oge  ku sia dihakan! Heh ... pahlawan! Tong ngajedog wae sia teh! Jadi sia teh beuki oge nya ka hayam nu lain hayam? Heh...! Yeuh otak aing rek dihakan moal. Beuki henteu sia polo aing hah? Hah?”

MA EOM LULUMPATAN BARI GOGOROWOKAN NEANGAN HAYAM
“Hayam! Hayam! Copet hayam! Si borontok aya nu nyopet! Copeet ...! Hayam aing aya nu nyopet!”

MA EOM NGARANDEG, TULUY NEUTEUP KADES AJO ANU KEUR NGAJANTENG DEUKEUT PATUNG
“Ajo! Aing nyaho ieu pasti pagawean anak buah sia! Ajo sia ulah pura-pura teu nyaho! Tuh buktina aya! Batre Si Hangsip kapanggih deukeut kandang Si Borontok! Sia tega Ajo! Tega! Si borontok ... Ajo! Banda aing sakitu-kituna teh leungit! Hayam keur ngendog Ajo! Eta teh panyambung hirup aing Joo!”

MA EOM NGOYAG-NGOYAG AWAK KADES AJO, TULUY CEURIK NGAGUKGUK BARI DIUK NYEKELAN SUKU KADES AJO.

MA EOM :
“Ajoo... tega sia mah ka aing teh, tega Ajo! Aing nyaho Si Hangsip nu nyokotna... pasti dititah ku sia! Embung Ajo aing mah embung! Balikeun deui Si Borontok! Teu sudi aing mah, teu sudi....!”

KADES AJO NANTUNG TEU USIK TEU MALIK, MATANA RAMBISAK, PAROMANA NEUNDEUN AMBEK NYEDEK PACAMPUR JEUNG RASA SEDIH

MA EOM :
“Si Borontok Joo... Si Borontok, hayam hiji-hijina... teungteuingeun sia mah Ajo... ludes ludes! Ludes kabeh ayeuna mah Ajo... Paehan weh aing teh Ajo, paehan! Teu rido... Si Borontok balikeun Ajo....!”

TI SISI PANGGUNG NU RADA CAKUEUM TASEM ASUP BARI SATENGAH LUMPAT, AWAKNA UKUR DISASAMPING JANGKUNG, BUUKNA ACAK-ACAKAN, DINA  TAKTAK KENCA SALAMBAR KUTANG NU CAN KABURU DI PAKE NYAMPAY, TASEM NGAGABRUG MA EOM

TASEM :
“Enggeus Ma...! Enggeueus!”

MA EOM
“Enggeus-enggeus kumaha Tasem! Hayam urang nu ngan hiji-hijina teh leungit,  dicokot Si Hangsip...! Si Borontok Tasem! Ludes ayeuna mah Tasem ludes! Si Borontok Tasem... Si Borotok!”

TASEM :
“Enggeus atuh Ma! Balik weh yu! Era Ma ku batur, era! Keuneh tibang hayam hiji!”

MA EOM :
“Era-era kumaha sia teh? Si Borontok Tasem... Si Borontok! Ema mah teu rido Ajo! Kajeun teuing kumaha ge teu rido siah! Pulangkeun Si Borontok!”

TASEM :
“Enggeus atuh Ma, tah tempo uing boga duit, urang balik yu!”

TASEM NGALUARKEUN DUIT TINA SELA-SELA SAMPINGNA
“Tah Ma, duit loba Ma, balik yu! Isukan urang meuli hayam deui, aya keur ngopi, bisa meuli beas,  pokona mah tanggung jawab uing! Enggeus Ma, ....era!”           

MA EOM MAKSAKEUN NANGTUNG. DIKALENG BARI SATENGAH DIKENYANG KU TASEM, DUANANA RARAMPEOLAN NINGGALKEUN PANGGUNG.

TI SEJEN ARAH ULIS, SEKDES JEUNG HANSIP ASUP PATUTUR-TUTUR

SEKDES :
“Aya naon Kang?”

HANGSIP :
“Kunaon Ma Eom Pa Kades?”

ULIS :
“Okosna mah Ma Eom nyahoen si Tasemna jadi hayam, nya Kang?”

SEKDES :
“Samber geledeg Ulis, aingmah teu ngomong nanaon ka Ma Eom!”

ULIS :
“Ih da kuring mah teu nuduh ka Sekdes.”

SEKDES :
“Geuning maneh molototna ka aing.”

KADES AJO :
“Ngajaredog!!”
SAREREA NGABETEM SAJONGJONGAN

KADES AJO :
“Aing geus seueul ku urusan tektek bengek kieu! Ayena dengekeun ku maraneh kabeh! Ti samet ayena aing ngundurkeun diri tina jabatan Kades!”

SEKDES :
“Maksudna kumaha Kang?”

KADES AJO :
“Aing eureun beuleugug! Eureun!”
KADES AJO NGAJENGKAT NINGGALKEUN PANGGUNG

SEKDES, ULIS JEUNG HANGSIP PAPELONG-PEULONG TULUY NUTURKEUNKADES AJO

SEKDES :
“Kang kamana kang? Ke hela Kang ulah waka eureun, urusan patung kumaha?”

BACK OUT
Anggeus

Banjar Oktober 2004
KOMUNITAS ENGANG
“menyengatkan kreatifitas dalam dengung kebersamaan”




Para Pamaen :

PATUNG
KADES AJO
MA EOM
SEKDES
ULIS
HANSIP
AJUDAN BAWAHAN BUPATI
TASEM
HAYAM

   


Tidak ada komentar:

Posting Komentar